Pasualan Nyentrik Dina Basa
Taya maksud pikeun ingkar, sulaya
tina janji balarea anu geus tinata. Taya maksud pikeun ngobrak-ngabrik jeung
nyawad ngahijina nusantara anu dicirikeun ku ‘Bhinekal Tunggal Ika’ tur sahiji
basa nyaeta basa Indonesia. Taya maksud oge pikeun ngorek-ngorek (tajasus)
kaanekaragaman anu ngagoler mongklek dina kaayaan nyata kahirupan (privasi
deferensiasi). Anging lianti ngabogaan cantelan niat erek ngawanohkeun,
ngamumulekeun, ngalanggengkeun jeung ngabewaraken basa lemah cai anu sok
digunakeun dina kahirupan nyata sapopoe (khususna) pangarang anu keur diajar
nulis atawa anu umumna basa anu sok dipake ku urang sunda.
Gedena niat anu geus lila kapendem
ager keneh masih tetep cumantel dina hate tur dina ingetan (akal pikiran) diri
pangarang. Yen dina hiji kasempetan pangarang ngabogaan kahayang pikeun
ngawanohkeun basa sunda (anu lewih spesifikna deui medarkeun hiji pasulan anu
dipadungdengkeun ku basa sunda). Sanajan kitu, lain ngabogaan maksud sok-sok-an
fanatik kana basa suku, pedah bisa make (tur nulis) basa sunda, tapi anggap wae
budak letik kamari nongtot leho anu keur diajar ngomong balelo, alewoh jeung
keyeng hayang bisa (man jadda wa jadda). Jadi ayana wacana ieu teh lain
ngan saukur pikeun dibaca tapi oge pikeun dikoreksi, ditilikan mana bener jeung
salahna (anu spesifikna pangarang muka lengen, hate, jeung pikiran anu saluas-luasna
pikeun narima saran, nasehat jeung kritikna).
Dina hiji kasempetan, sakapeng mah
osok ngaliwat ngajoralat kana pikiran salira naon wae kajadian anu geus
dilakonan. Henteu ngan saukur kitu wae, tapi ingetan anu kitu teh sok
diteruskeun jeung langsung nyambung, cumantel kana pasualan basa anu geus
pernah di wangkongan dina waktu harita. Salain kitu, sakapeng mah diri teh osok
ngarasa era lamun ngawangkon jeung jalema anu teu bisa narima, terbuka kana
basa sejen diluar kabiasaan hirup sapopoena (jalema fanatik kana hiji basa).
Sahingga bisana ngan saukur nyalahkeun basa (ngategorikeun kajahatan dina
basa), lain jalema palaku (salaku subyekna). Ih, eta mah lain berarti nyindir,
nyawad, ngagogoreng jeung nyarek ka jalema anu tumiba rasa. Tapi ieu mah iwalti
ngan saukur nyiar carita, medarkeun jeung ngababarkeun fakta realita anu aya.
Pasualan nyentrik dina basa henteu
eren nepi kadinya, tapi masih loba keneh anu kudu dipedar, diulik, ditilik
jeung disiar ku ngosongkeun waktu loba. Pikeun salah sahiji bukti nyata dina
pasualan basa anu seriusna mah saperti diskursus anu diuletan, diulikan jeung
dilekenan ku Michel Foucault dina salah sahiji karyana nyaeta “Arkeologi
Pengetahuan”.
Komentar
Posting Komentar