Lemah
Cai Tempat Pangbalikan
Kaayaan lembur anu asri ngajadikeun
obat pikeun perkara anu nimbrung, ngabelit kana diri. Kaayeman jeung
katentreman anu geus nancik ngajati diri ngajadikeun ciri anu nyentrik pikeun
lembur, biasana mere arti, inspirasi, inovasi, jeung motivasi anu pantes pikeun
ngabogaan rasa disonoan. Kabingahan anu timbul tina alesan atawa anu timbul
tinu sejen, ilaharna ngarasa mere harepan jauh (manjing) kana lumangsungna
kaayaan bungah anu saluyu jeung kaayaan. Kasusahan, kapayahan anu timbul tina
pangorbanan (anu nandakan ayana usaha, ikhtiar dina kahadean) atawa anu timbul
tinu sejen mere arti anu nyokong kana ayana ciri yen kudu boga parobahan anu
nancik jeung nyentrik dina jati diri. Tah, deskripsi sadaya rengkah polah eta
teh ngajadikeun tiap diri jalema ngumbara pasti ngabogaan sumangat double,
gede harepan pikeun ayana kamajuan anu ngarepkeun kasuksesan dina kahirupan anu
diharepan.
Sanajan kitu, sakapeng mah tiap pada
jalema anu ngumabara teh pasti osok mikiran, ngarenungan jeung ngukur-ngukur
(sakumaha paribasa nyebutkeun gede kandungan laer aisan) ngarah nilik kamampuan
diri kana jalan, usaha, cocoba jeung hasilna anu kudu digawean. Tapi ulah oge
sabalikna, nyaeta jadi jalema anu ngabogaan sifat kumeok samemeh dipacok.
Henteu saukur kitu wae, ilaharna
tiap pada jalema oge pastina ngabogaan pamikiran, rengkah polah jeung pilihan
anu beda-beda, sanajan milih jalan hirup anu sarua jejeg sauyunan. Sabab tiap pada
diri urang pastina oge ngarasakeun ieuh kumaha carana hirup adaptasi, nga-balance-keun
diri supaya ulah jiga bunglon (ngarobah diri unggal waktu pikeun neangan
kabutuhan, anu bisa disebut nyumputna jati diri kusabab eksistensi).
Kasempatan anu aya jeung pas oge
milu-milu nimbrung, ngajadi pasualan anu nyatana kudu jentre ditilik samemeh
digawean. Kasempatan anu bener-bener mutuhkeun asak pamikiran, nyangkolong
waktu anu dibutuhkeun, jeung musatkeun parhatian anu diandelkeun. Kusabab
henteu rea jalema boga jeung bisa manggihan jalan jejeg anu nandakeun kabeneran
pikeun kamajuan hirup, tapi nyatana teu ngabogaan feeling, henteu nilik
heula kana kasempatan anu aya, sahingga hasilna oge henteu bisa dipercaya, komo
deui lamun ngawujud nyokong kana potensi diri anu jadi andelan. Tah, ku kituna
hayu cuang babarengan urang cantelkeun niat, ngamanfaatkeun kasempatan anu aya
pikeun mikiran, ngarenungan saha sabenerna jati diri urang, naha pedah naon aya
jati diri urang dibumi, naon anu jadi tujuan urang hirup, jeung erek naon anu
bakal dipilampahan.
Komentar
Posting Komentar